Jumat, 10 Juni 2011

Salah Sorangan

Najan lembur manehna aya di pasisian kota, tapi ari ku kacinta mah mo burung jauh di jugjug anggang di teang. ka Neng Atik kembang Cisereh panutan hate nu sok kapiraray siang wengi, kaimpi impi unggal wanci janari (halaaah lebay).

Indit ti imah teh rada poek keneh, teu kaburu sasarap, ukur sempet nginum cirut (Cikopi Urut) nu kari dedekna sesa begadang tadi peuting, teu poho nyolendang kantong lepet, lepet soteh euweuh eusina, ukur kaos hiji jeung kolor hiji "keur salin" angkeuhanteh.

Dina beus sabangku jeung ibu ibu tengah tuwuh, pangawakan nana rada lintuh, angkaribung ku babawaan, tas gede, tas leutik, kardus, jeung kantong keresek, duka nanahaon eusina, nepikakeun bangku jang diuk kuring mah ngan ukur kabagean sabeulaheun bujur balas heurin ku babawaan, tapi teu hayang protes, sanggeus babayar ongkos mah lep we kuring teh sare tibra pisan.

"cisereh abis, cisereh abis" kenek ngagorowok, gurinjal kuring hudang. jrut turun, beus ngadius deui muru ka terminal. anu jarakna ngan ukur sabaraha ratus meter deui.
Turun tina beus teh can pati sadar, maklum lulungu keneh. tapi ojeg pahibut parebut penumpang, aya nu ngaharewos, aya nu ngenyang leungeun, malah aya nu ngarebut babawaan kuring di taekeun kana motorna. atuh teu bisa kumaha. clak we kuring naek, motor ngageuleuyeung lalaunan muru tempat tujuan.

Ngeureunkeun ojeg teh pas pisan hareupeun imahna Ajengan Mahmud, ari ajengan Mahmud teh ramana neng Atik bebende kuring tea. imahna teu pati gede pagigir gigir jeung Masjid jame ngan ukur kahalangan balong, raresik matak pikabetaheun.
"ieu kardusna a" ceuk tukang ojeg. bari mikeun duit pamulangan. gebeg teh kuring reuwas, naha da kuring mah teu mekel kardus?...ari kantong lepet kuring kamana?...ari ieu kardus saha?...naon eusina ieu kardus?...rupa-rupa pertanyaan na hate kuring. acan oge cageur tina kareuwas kaburu torojol neng Atik  jeung Ajengan Mahmud mapagkeun bari darehdeh naker.
"mani cacandakan sagala rupi atuh" pamajikan Ajengan Mahmud miheulaan nyarita. kuring ukur seuri koneng bari terus ngasongkeun kardus tilu susun nu di talian ku rapia.
"kalebet atuh cep dadang" Ajengan Mahmud ngawaro. bari terus asup ka imah di tuturkeun ku kuring nu terus diuk na korsi tamu
"Nyai suguhan cai yeuh si aa " Pamajikan Ajengan Mahmud ngagorowok ka anakna.
"wios teu kedah ngarepotkeun,... kaleresan kaleresan nuju saom"  kuring ngomong padu engab.
"ayeuna teh dinten Kemis nya...duh meni rajin cep Dadang mah" Ajengan Mahmud muji. atoh we kuring di puji ku pimitohaeun teh.
"punten, bade netepan lohor heula" ceuk kuring, ngahaja ngarah beuki kapake
"mangga, ke ibu nyandak heula sarung sareng kopeahna" ceuk indungna neng Atik, nembongkeun pasemon anu berag marahmay, atoheun meureun boga piminantueun jalma soleh...(hehehe kela nya,..hayang seuri heula saotik)

Kurang leuwih satengah jam kuring kakara kaluar ti Masjid Jame, kopeah jeung sarung di pake keneh malah leungeun oge make jeung nyekelan tasbeh sagala rupa. barng asup deui ka imah, kasampak Ajengan Mahmud sakeluarga keur dalahar mani semu narikmat naker.
"Punten cep dadang, sanes ngabibitaan nu saom" indungna neng Ati sasadu
"teu sawios bu" ceuk kuring bari neleg ciduh

Sangu haneut, beuleum lauk, coel terong jeung sambel buatan neng Ati, ngan ukur tinggal waasna. hanjakal pisan geus kagok ngaku puasa. antuknamah ngan ukur bisa diuk dina korsi bari ngararasakeun beuteung nu beuki kekerebekan,.. wayah asyar titinggalian asa karoneng byuk kesang ti'is, leng puyeng bumi alam asa muter lengerek kapiuhan teu inget di bumi alam......

cag.

Selasa, 07 Juni 2011

Saung Sawah

"Sok-sok atuh rek mantuanmah, ulah diuk wae" ceuk mang Oha bari noel kuring
"Pareuman ududna heula" mama Kasim mairan. bari jung manehna nangtung nyampeurkeun ki Haer nu keur kesemelan nalian tihang saung.
Kuring teu obah, diuk dina catang kalapa tonggoheun saung bari nyanghareupan supan taleus bawa bi Cicih pamajikan mang Oha. nyot kana roko hanca, serebung haseupna dikaluarkeun lalaunan, regot kana cikopi cawerang, heu'euh cawerang pisan cikopi teh, maklum atuh kadar oge cikopi buatan nini nini, padu kiruh we..jiganamah takeran nana oge kopina sasendok caina sateko, duka di gulaan duka hanteu...tapi da euweuh deui gilireun kapaksa we di uyup bari sebel-sebel oge. Panon mah tetep anteng neuteup ka palebah saung,  leng ingetanmah mundur ka sababaraha taun ka tukang, geuning meni asa atra narembongan deui, rupa2 pangalaman di eta saung teh, teu sangka kiwari arek di ruag, bari moal di wangun deui. duka naon alesan nu bogana teh.

"Paranti nyingkur ari dicarekan ku pamajikan" mang oha ngomong basa rek nyieun eta saung teh, tempatna wuwuh pikabetaheun, sisi lamping nampeu ka sawah, nyanghareup  ka wetan. bubuhan rapeka bi cicihmah hareupeun saung teh di pelakan kayaning cabe, tomat, leunca jeung terong...komo mun kuer usum gede pare mah, upluk aplak hejo lemok matak wa'as, matak jarauh panineungan, matak poho kana hutang, komo mun teu ditagihmah...hehe
Lain mang Oha wungkul nu ngamangfaatkeun eta saung teh, boh nu baroga sawah palebah dinya boh anu kapinareng liwat wungkul sok ngahaja areureun di eta saung. malah ki Haer mah ngahaja tali bebegigna oge di kaitkeun ka eta saung, tamba kesel nungguan pibuateun sok bari ngarautan awi jang nyieun aseupan manehnamah.....Amil Ade oge kungsi katohian ku pamajikan nana basa keur ngaheroan randa ngora urang peuntas di eta saung, malah nepi ka arek diduruk sagala eta saung teh, ngan di pegatan ku ki Haer.
Kuring sorangan lain ngan ukur sakali dua kali nincak ka eta saung teh, ti jaman bolon basa usum ngurek belut sok mindeng cicing di eta saung, nepika masa rumaja sok ngahaja datang jeung babaturan bari mawa beas jeung kastrol terus ngaliwet , sok karasa pisan nikmatna.

Gudugraaaaaak.. aya sora ngagebah kuring nu keur ngalamun, simanahoreng saung teh runtuh
"Atuda manehmah cicing wae" ki Haer nyasalah kuring, bari ingkud da sukuna kababuk tihang.
"hampura ki " cek kuring api api ribut nulungan. nu di tulungan bangkenu
Saung rujad euweuh nu bisa kapuluk, kentengna ancur kabeh memeh di turunkeun kaburu runtuh, kaina barobo dihakan rinyuh. tapi caritana moal beak ku jaman, didieu di lemur ieu, disisi sawah kungsi ngajugur wawangunan mangrupa saung,...saung sawah nu nyaksian rupa rupa pangalaman.

Kanggo Mang Oha: Hapunten ti sim kuring
Jakarta, 07 Juni 2011

Selasa, 31 Mei 2011

Alun-alun Saptu Sore

Rame na puseur dayeuh
Teu bisa meupeuskeun simpena rasa
Nu kingkin ku rasa kuciwa

Didieu di puseur dayeuh...
Aya angen angen nu teu kedal
katalimbeng ku rusiah
nemrak dina kongkolak panon
ngabarengan keyembengna cimata

Culurulukna cai pancuran
Jeung recetna sora manuk na pucuk palm
Patarema jeung renghap urang
Nu nangtung geusan rek  miang
Ninggalkeun haleungheumna sore
Nya didieu,...di puseur Dayeuh


Ciamis,28 mei 2011

Minggu, 22 Mei 2011

Jalan Panineungan

Ngan kadangu pak 'aduh' na basa ban motor meleset kulantaran neumrag batu nu rada gede. leungeuna muntang pageuh kana jeket nu kukuring di pake, kareret tina kaca spion paromana rada muringis semu nu sieun. tapi kuring teu wani komentar, panon tetep anteng merhatikeun jajalaneun nu rek kaliwatan,....Enya apan manehna nu ngajakan ngaliwat jalan ka lebah dinya teh, itung itung panineungan ceuk manehnamah, jalan anu kungsi kaliwatan ku manehna basa masih keneh babarengan jeung cintana anu kiwari geus ninggakeun.
Jalan aspal anu geus lila teu karawat, barolong diditu didieu, mun seug usum hujan mah moal teu loba cai ting keyembeng di jalan teh, jalana tarahal pisan teu bisa di pake rusuh matak wegah neruskeun lalampahan, cacak lamun kuring sorangan mah boa diteruskeun oge.

Tapi haritamah jalan teh asa ngabulungbung we, sanajan manggih tanjakan anu sakitu netekna oge, teu ieuh ngarasa gimbir boro boro aya rasa sieun, teuing lamun kabangbalerkeun kunu keur di bonceng, nu teu weleh nunjukeun imutna. imut anu matak niruk kana jajantung matak newek hulu angen. sakapeungmah sok ret ngareret kana rarayna, dititenan ti mimiti tarang, irung biwir, pipi jeung gadona, meni asa muji kanu ngadamel-Na, aya ku merenah nyurupkeuna, mun dina lukisan mah puguh komposisina, Mun dina elmu geometri, simetris pibasaeunana teh.
Anggang tina buuk nu dipasieup ku amis cau, nepi kana halis, estuning merenah katembongna teh. Tarang henteu lega, henteu heureut. Boa nu kitu nu disebut teja mentrangan teh. Ari nu ngaranna irung, teuing naon atuh pibasaeuanana. Disebut mancung teuing henteu, demes mah sumawonna. Meujeuhna lah, boh kamiringanana, boh ukuranana. 
Panonna nu kitu tea mah. Matak ngaranjug mun pareng ngelet (dikira-kira kitu oge, da nepi ka kiwari oge, manehna henteu kungsi kulat-kelet). Panon nu semu ceuleuyeu. Panon anu dipapaesan buluna nu carentik. Panon anu saban ngagiler, kawas nu nyorotkeun cahaya.
Ari warna kulitna teh. Koneng lain, bodas lain, jajauheun kana hideung mah. Katembongna semu leueur, matak tisoledat reungit. Mun dicabak, ku kira-kira, hipuna moal henteu kawas kapas, lemesna moal henteu kawas tipung nu panglembutna. Cacakan lamun kasorot hibarna layung moal boa baris hurung mancur lir emas sinangling. Kitu apan anu sok dipapantes dina dongeng oge.

Anteng merhatikeun kana rupa2 kaendahan nu aya di manehna, teu karasa geus jog deui ka jalan gede, kawas nu sadar tina lamunan, gas di betot motor ngadius kakulonkeun ninggalkeun jalan panineungan.....

cag,...urang teundeun di handeuleum sieum geusan sampeureun, tunda dihanjuang siang geusan alaeun, mangsa datang urang teang,...

(hampura poho ngaran lemburna)

Rabu, 18 Mei 2011

Apes

Mencintainya sungguh membuat hidup gw kembali jadi bergairah,...tapi kalau inget kata2nya yg hanya mencari kesenangan atas kesepian hatinya membuat hati gw tak menentu...terkadang  ikhlas tapi terkadang juga merasa sedih, terus terang gw merasa seperti megang bara api, dilepasin terlanjur sayang dipegang terus membakar tangan gw,..hadroooh lah...

Terkadang dia menunjukan kasih sayang dengan perhatian perhatiannya, seakan menunjukan bahwa tujuan hidupnya adalah gw, dia juga sering membahas masa depan yang ingin dialaminya kelak bersama gw, dan dia juga ikhlas seandainya gw yang dikirim Allah buat dia asal mau bertanggung jawab dunia dan akhirat. intinya dia rela menerima gw apa adanya.
Tapi terkadang dia juga menunjukan rasa ragunya terhadap gw, dia kembali menegaskan bahwa bertemunya sama gw cuma kebetulan, dan kembali dengan kesedihan2nya seakan kehadiran gw ga ada artinya buat dia, kehadiran gw ga merubah apapun dalam kehidupan dia, dan dia juga menunjukannya sikap ga perdulinya. dan memandang masalah apapun dengan entengnya, tanpa berusaha menyelsaikannya....sehingga gw berkesimpulan bahwa dia ga peduli, ada atau ga ada gw sekarang, ga ngaruh banget buat dia......
Sebagai laki2 gw berpikir sempit, dipikiran gw cuma dia tujuan gw, gw ga peduli kalo gw harus mengetuk pintu hatinya sepanjang waktu, meminta maaf setiap kali ada masalah, ga peduli itu masalah karena kesalahan gw, atau masalah karena salah pengertian, yg jelas gw udah ga perduli dengan harga diri, selama gw belum dimaki2 atau di usir dari kehidupannya, gw akan terus berusaha mewujudkan cita2 gw, dengan cara bersabar dan berdo'a....

Kemarin sore gw update status di pacebook, menurut dia itu adalah keegoisan gw, padahal sumpah gw ga bermaksud mengungkapkan isi hati gw di status gw, itu hanya lyrik lagu yg kebetulan sering dia nyanyikan.....seperti biasa dia marah dan mmbisu, sms ga di bls, inbox juga ga di bls, baru malam harinya dia sms gw "maaf kalau aku nyakitin,..aku ga mau nyakitin atau di sakitin" trus dilanjutin dengan dua sms berikutnya.......setelah gw pikir2 gw sering banget didiemin dari masalah kecil sekalipun, hari ini gw coba ga kontek dia, gw cuma nguji peerasaan dia, tapi ternyata benar dia ga mau menghubingi gw sama sekali, sedih sih, tapi setidaknya gw tau,...bahwa perasaan dia ke gw setipis kulit bawang, sekalipun ga ada gw dia merasa masih banyak yang bisa di jakikan temen buat kesenangan dia,...gw cuma salah satunya, dn ga terlalu penting2 banget sekalipun ga menghubunginya.....Apes Gw


Jakarta, 18 Mei 2011








Minggu, 15 Mei 2011

MANAWI....... eps. 2

Tidak Ada Alasan bagi orang mukmin untuk tidak BAHAGIA
karena bagi mereka:
-Setiap cobaan adalah penghapus dosa bagi dirinya
-Setiap kenikmatan yang disyukuri adalah Pahala bagi dirinya
-Setiap masalah adalah bukti cinta Allah kepada dirinya
-Setiap beban hidup adalah ungkapan kasih sayang Allah kepada dirinya

Maka berbahagialah dengan apapun yang ditakdirkan oleh Nya
Sabar, Ikhlas dan syukur kita akan di balas Alloh dengan SURGA
Allahuma aamiiiiiiiin...

Sabtu, 14 Mei 2011

TAKOKAK

Kaulinan atawa coco'oan barudak ayeuna beda pisan jeung jaman bahola, jaman ayeunamah barudak kakara bisa nginum oge tara jauh tina hape atawa kaco'oan modern sejena. beda jeung budak jaman baheula hayang kaco'oan teh kudu ngandelkeun pangabisa kolotna, nya wayahna lamun indung / bapana teu bisaeun nyieun coco'oan teh anakna ngan ukur bisa olohok, kusabab euweuh beulieun.
Contona KATEPEL, sok sanajan rupana basajan tapi rada susah nyieuna pikeun budak mah, Cagakna tina tangkal kopo, ngalana kudu ditaekan heula trus direka2 sina rada pantes, karetna tina ban jero motor, jaman harita mah masih keneh langka teu jiga kiwari, lamun kabeneran euweuh pulungeun atawa pentaeun kapaksa kudu meuli heula ka pasar, tempat pelorna tina kulit sapatu ABRI anu teu saban jalma boga. kasimpulan nana katepel teh barang basajan tapi hese nyieuna kusabab langka bahana. ari pelorna rupa2, kadang ku batu koral, siki salak, pentil jambu atawa aya oge nu praktis bari loba barangna nyaeta buah TAKOKAK.

Bilih aya nu teu terang, ari takokak teh buah laleutik nu bentukna siga leunca bahasa latinamah (Salanum ferrogium Jacq) tiasa oge diangge  obat herbal diantawisna kangge mengobati (Pinggang kaku, Bengkak terpukul, sakit lambung, Tidak datang bulan oge Jantung berdebar.)

Mun inget kana takokak, kuring sok nyenghel seuri kagugu, inget kana kajaidan jaman keur es de. haritateh kapinareng pelajaran kosong, puguh we barungah ngarasa bebas, barudak lalaki mah aya ucing2an, barudak awewena aya nu bekles, aya oge nu silih siaran (nyiaran kutu), aya oge nu silih katepel ku buah takokak salah sahijina kuring............ bakatning aranteng, teu apal aya guru ngelol tina lawang panto, ari peletak teh si takokak nyorang pisan kana mastakana pa guru. puguh we pa guru teh bendu pisan, kuring tiluan jeung babaturan dipanggil trus di purilitkeun ceuli bari katepel jeung pelorna, nya takokak tea di rampas,..... ngan takokak namah di bagikeun deui ka kuring tiluan, kabagean sacanggeum sewang...ari sugan teh titah di piceun, singhoreng eta takokak teh titah di purak ku kuring tiluan sing nepi ka beakna,.. puguh we atuh kuring arongkek, ngarana oge takokak atah nya pait nya peuheur rasana teh, ehm  teungteuingeun pa guru,....nya ari kitunamah salah kuring meureunan.

Mun apal rek di hukum titah ngadahar pelor katepel mah, meureun moal kakatepelan ku takokak ieuh, rek ngahaja we pelor katepel teh ku bolu kukus, gehu pedas, atawa kupat tahu singaparna,..ngeunah meureunan moal jiga takokak... huh lah,..

heheheh ( nyenghel heula ah sakedik )

Tips Naik Bis "Gratis"

Kalo anda suka naek bis/angkot, tips dibawah ini mungkin dapat digunakan:
Jadi gini, kalo naek bis waktu keneknya minta ongkos (kan kenek biasanya colak-colek bilang ongkos..ongkos...) bilang:"ada kok bang"
Trus kalo dia masih minta juga bilang aja: "situ minta dibayarin yah?"
Trus kalo diai mulai marah-marah, bilang aja:"kemarahan akan menimbulkan karma yang buruk, amithaba"
Trus kalo dia mukul, jangan dibales, bilang aja: "apakah semua harus diselesaikan dengan kekerasan?"
Trus kalo diturunin bilang aja:"ck...ck..ck....(sambil geleng2 kepala) ternyata abang ini ga sopan yah, minta duit tapi caranya gitu.."
Trus kalo sopirnya ikut turun dan mukul, bilang gini: "Tunggu! Kalo mao satu satu dong!"
Kalo penumpangnya ikut turun bilang aja: "JADI KALIAN MINTA DIBAYARIN JUGA!!! (jangan lupa pasang tampang marah)
Kalo abis dipukulin ama semua orang dan kalo masih kuat berdiri dan ngomong, bilang aja: "LAEN KALI GUE GA MAO NAEK BIS AMA KALIAN!! GAK ASIK!!!!"
Trus jalan pelan2 (sambil ancang2 lari) sambil pura2 nangis.
Tapi, kalo ga kuat ngomong dan berdiri usahain sms 112 minta ambulan, jangan mao dianterin ama bisnya, nanti dimintain ongkos lagi....ntar mulai dari awal kan kasian elo juga ? Udah ah, semoga tips tadi cukup berguna bagi kita semua....

Mudik

Keur kuring ieumah,...asa teu aya bedana cicing di lembur batur jeung cicing di kampung sorangan, malah di pikir pikirmah asa mendingan cicing di kampung sorangan,...tapi dalah di kumaha hirup teh apan lain mikiran PANGABETAH wungkul, tapi dibauran ku PANGABUTUH.,...

Contona tina dahareun,.dirasa rasa mah sanajan enya oge hirup di kota, pangabeuki teu namabahan ieuh,.masih keneh we sarua ti bubudak oge kadaharan teh kana sangu,..ari deungeuna tara jauh ti Tahu jeung Tempe, paling rongkah oge di tambahan ku pais tahu, (ngahelas bari sedih)..

Dina Pakean teu aya robahna,..calana pondok di kombinasi ku kaos oblong,..di papantes ku sarung di solendangkeun dina beuheung, bari jeung sarung na teh geus rada bau, da bubuhan jarang papanggih jeung cai,..paling ari geus rada arateul di bingbingkeun dina popoean supaya rada haneut deui,..

Ngan aya saeutik bedana, ari nu ngarana ngumbara ka kota mah, sok aya rasa banggana, malah sok rada dicampuran ku balaga,...dina obrolan sok di aneh2 ambeh beda jeung urang kampung, dahareun sok rada di pilihan bisi sarua jeung tukang lahang, pakean ngahaja milih nu nyentrik, padahalmah boro2 ceuk batur najan ceuk sorangan oge teu pantes ieuh kadeuleuna, tapi maksakeun we di pake bubuhan hayang katinggali gaul..(heuheuy deudeuh)...malahan keur basa kakara usum Hape mah,...ngahaja meuli hape teh anu rada mahal, paduli teuing teu becus makena nu pentingmah hape mahal...soal pulsa ulah di tanya, boro boro keur meuli pulsa , sidik duit THR teh ngan cukup keur ongkos mudik sabalikeun...lamun seug aya nu nginjeum hape teh, alesan jeung alesan we jurus nu di kaluarkeun teh,....mun henteu batrena beak, sinyalna lemah,..jeung loba2 deui alesan sejena...

Kolotmah ngan ukur atoheun wungkul, boga anak di kota teh,...bari jeung teu nyahoeun kumaha kayaan sabenerna,..ngan ukur jadi kabanggan mun seug di tanya ku tatanggana teh, pajarkeun teh budak kuring mah di kota sibuk, balikna oge ngan sataun sakali,..matak ari balik ka lembur teh sok loba kayangna, contona hayang dawegan oge kudu pangnaekeun, da teu beluleun, hayang lauk kudu pang nguseupkeun da teu beluleun, nyeseuh kudu di pangnyeuseuhkeun da ogoan tea, dahar kudu aya wae deungeuna da bubuhan tuman tea cenah, bari kudu jeung daging hayam wae, da kangkung jeung daun sampeumah teu beukeukieun,...atuh hayam sakandang teh beak kabeh di pake maraban budakna anu balik ti kota tea,....nepikakeun ongkos jang balik oge kudu dipang neangankeun ku kolotna, alesan nana manehna kagok keur tanggung bulan....(kacida teuing)

Kahadenya ulah di turutan lampah kuring teh, awon pisan kalakukan kawas kitu teh,....naha ku kuring di caritakeun atuh,...ah ieu mah keur pi eunteungeun we...itung2 ngabuburit nya baraya

Wassallam

September 2009

Kembang Kanyaah

Basa panon poe keur manceran
Kembang kanyaah nu meujeuhna ligar
seungitna nyambuang sapakarangan
dauna ngemplok hejo matak betah mun ngiuhan
pikeun ngecagkeun bangbaluh hate...

Na wanci sariak layung....
Kembang murag kaanginan
Marengan potongna dahan dahan pangharepan
Nu biheung bisa sirungan
hamo bisa malikeun endahna di waktu beurang..

PUNTEN NGIRING KOMEN KANA NAMI SALIRA (Heureuy ieu mah)

Anre Sigarantang Panimoe ( Sunda Medan)
A'Suhe Nuju Hare'enk ( tik tik brek)
Aep Ngoprek (rapekan)
Agie Edisi Weureu ( to be continue )
Akar Teu CuniHin ( sopan wkwkw )
Akhi Ghaul Ogoan (bubudakeun aki2 teh)
A Qobenk Kumincir ( lincah kumincir ciga anak sapi ,..piss ah)
Asep van Kebluk ( mumul ngalaku )
Biank Cuka New Edition ( selalu baru )
Bingung Balik Kamana ( masih keneh linglung)
BurOnan MitOha ( tukang kabur )
Buzank Rimbitan ( status teu jelas )
Daceung Suraceung ( hmmm )
Dalingding Asih Katresna ( Sunda pisan,..kereeen )
Deddy Joledar ( kirang tanggel waler )
Enok Sureunok Sumadireunok ( noloknok,..heheh )
Epot Ngagadil Bujur ( teu aya deui gadileun jiganamah )
Hayang Kasep Kadon Koplok ( samar kahayang )
Hayang Weureu Kalaka'Gelo ( salah Jampe )
Irman Tukang Gagaro Bujur ( Budug jiganamah )
Iteung Nyeri Beuteung ( kalobaan nuang cabe )
Joeleha Incu Bi Mimin ( akina saha nya...*ngahuleng* )
Joel Tara Ngawadul ( jujur pisan )
Karnadi Bandar Jangkrik ( Nami Juragan )
Kolot Ayeuna Budak Baheula ( Nerangkeun ieumah,..sarerea oge kitu )
Kapalang Belang Borontok Eukeur ( tekadna buleud jiga bal baliter )
Kuncen Cunihin ( Dukun cabul wkwk )
Kunti Awewe ( emang aya kunti jalu,..araraneh )
Kuy Koko-Robert ( no comment )
Lili Jaga Warung ( Jurig Pesbuk )
Mitoha Anakna Tatangga Sabeulah ( Sabeulah deui tatangga saha? )
Nini Kumapalang ( Can pati kolot jiganamah )
Nu Resep Nangkod ( naun nya nu resep nangkod )
Orox Bedegong ( nakal pisan nya,...*sintreuk*)
Poho Ngaran Duka Saha ( linglung )
Resep Ngahutang Hese Mayar ( Panyakit Balarea )
Saha We Lah ( teu puguh lah,..)
Shaka Dhaek Aink ( mawa karep sorangan wkwk )
Shendal Chapit Fheugath Shabeulah ( ampuuun kabinabina teuing )
Tukang Giribig ( Tos pasti bandar ieu mah )
Teguh Teu Paruguh ( kirang jelas pamadegan nana )

Bandung 27 Maret 2011

Dalam menjalani kehidupan setiap orang pasti mempunyai jalan dan cara sendiri sendiri dalam hal: menikmati kebahagiaan, menangisi kesedihan, mensiasati kekurangan termasuk menanggung dan memecahkan permasalahan yang timbul dalam kehidupan kita masing masing....tujuan utamannya cuma satu yaitu menemukan kebahagiaan yang hakiki...permasalahanpun kadang mudah, kadang susah, kadang jelas kadang remang-remang (waruuuung kali)...dalam menerima jalan hidup yang telah digariskan Allah kepada kita pun, terkadang kita menerimanya dengan ikhlas tapi terkadang kita juga ARAAAAL...
tapi yakinlah, setiap kita pasti pernah mengalami momentum yang tak pernah kita lupakan,...entah itu acara Ultah, Acara Pernikahan, kelahiran anak pertama, promosi jabatan,syukuran rumah baru atau apapun itu,..yg jelas itu akan selalu kita ingat sepanjang hidup kita...

Pun dengan diriku, walau cuma bisa menikmati hujan sepanjang hari dan ngobrol ga jelas (ngaler-ngidul) tetap saja menyenangkan, dan malam harinya pun cuma duduk duduk di balkon sambil minum kopi, bercerita tentang masa lalu dan ngobrolin masa depan sambil ditemani orang yang paling paling paling ku cintai, sungguh itu adalah weekend terbaik yang pernah kumiliki selama beberapa bulan terakhir....

Makasih yach sayank,.. selama kita hidup permasalahan pasti selalu ada,.. tapi mempertahankan semangat untuk bisa menjalaninya, dan berusaha merubahnya ke arah yg lebih baik  itu suatu hal yang harus kita jaga....SEMANGAT

Jakarta, 31 Maret 2011
Luv U Bebeb

Pelangi

Rintik hujan basah di awan menyambut senja..
Cahya surya lembut memberi goresan indah...
Ku sambut uluran kasihmu pelangi cintaku..
Awan2 kelabu tlah menghilang,...
Pelangipun telah datang..

Indah cinta kita...
bagai pelangi di senja hari...
bermandikan cahya,
lembut memberi damai jiwa

MAYA

Maya jangan kau bersedih,
Ku tau kau lelah …
Tepiskan keluh dunia, biarkan mereka …
biarkan mereka …

Kurangi beban itu,
Tetap lihat kedepan …
Tak terasingkan dunia,
Dua jiwa yang perih …
Masih ada di sana,
Untuk kita berdua …
Dalam hati yang menyatu,
Tempat kita berdua …

Maya jangan kau bersedih,
Ku tau kau lelah, Tepiskan keluh dunia …

GW

Gw kaget pas liat tanggal dan tahun kelahiran gw di KTP, ternyata kalau di itung2 jumlahnya udah agak banyak, berarti jatah gw hidup di dunia udah banyak berkurang,..Masya Allah, padahal perasaan baru kemaren gw balapan lari dari sekolahan dengan menggunakan seragam merah putih, beradu cepat dengan tmn gw Eman Kostaman yg sekarang dah jadi tukang Satpam, Roji Kusidana yg tekhnisi Sound system dan Ucup yg berkarir jadi Tukang Pulisi...tersadar bahwa itu udah terlewatkan belasan tahun yg lalu.

Terus gw?...apa yg berubah dengan gw?, nama gw masih sama dengan yg tertera di Raport Sekolah Dasar dulu, nyokap gw juga masih yang itu itu aja, tetep galak, tetep cerewet,..... cuman sekarang ubannya udah agak banyakan dibandingin dengan waktu gw masih duduk di bangku Sekolah Dasar dulu, dan kulitnya udah agak keriput.....tp tetep nyokap gw yg terbaik dan terhebat buat gw ( hrs gw puji daripada gw di kutuk jadi kadal )...

Perjalanan hidup gw??,...ck ck ck,..no comment lah untuk yg satu ini,...gw ngerasa ga ada yg menarik di kehidupan gw, ga ada yang berkesan, ga ada indah2nya,..walaupun begitu gw tetep bersyukur masih bisa bernapas sampai detik ini, masih bisa merasakan asinnya garam, asemnya ketek, pahitnya pare, pedesnya cabe,..dan yg paling gw syukuri,. gw dilahirkan jadi laki2 normal yg masih menyukai perempuan,..coba kalo gw di lahirkan jadi laki2 yg demen sama gardu listrik, apa ga repot?? hehehe..
Kalo di inget2 secara rinci sih, ga seluruhnya perjalanan hidup yg gw lalui itu menyedihkan,..ada saat2 menyenangkan, ada saat2 membanggakan, normal lah, seperti kebanyakan orang...

Tapi kenapa, diantara temen2 yg gw kenal, gw selalu merasa jadi orang yg paling kurang beruntung,...... apa karena gw ganteng? (PDUTE).... apa yg salah dengan gw?.. gw hidup 24 jam sehari, 7 hari seminggu, 4 minggu sebulan, 12 bulan setahun,.sama kan dengan orang lain?...

Entah lah,..Permasalahan hidup yang harus dihadapi setiap orang kadarnya berbeda2 sesuai dengan kemapuannya masing2...jalan hidup seperti apapun yg Allah berikan buat gw, gw harus menerimanya dengan ikhlas, mudah2an gw bisa jadi orang yg sabar, serta punya kemauan merubah kehidupan sekarang ke arah yg lebih baik lagi..Insya Allah..

Doa gw buat orang2 terkasih: Mudah2an dipanjangkeun yuswana, di caketkeun Rizkina, dijauhkeun balaina Amiiin

Jkt...27 April 2011

Pengorbanan

Kumaha wae bentukna, sakumaha wae jumlahna, iraha wae waktuna....? asal sifatna keur ngabelaan  anu di pikahayang atawa dipikayaah  ku urang, geus lumrah biasana di sebut 'pengorbanan'.... 
Tapi Urang kudu salawasna eling, sagala rupa pengorbanan anu di lakukeun ku urang, teu aya nu bisa mastikeun yen eta teh bisa ngawujudkeun sagala anu di pikahayang, atawa mempertahankeun sagala nu di pikayaah ku urang, sabab pasti mah ngan milik gusti,....

Naha atuh urang perlu berkorban?
Pengorbanan teh bisa disebut ajen diri, sing saha jalma anu daek berkorban, berarti eta jalma geus ngahargaan kana dirina sorangan, nyirikeun yen eta jalma teh teu pasrah kana nasib, sabab teu aya nu bisa ngarubah nasib seseorang iwal ti dirina pribadi...(saur jalmi pinter eta oge, sanes saur Iyeng)..

lamun ringsek awak gara gara kacapean atawa beler panon gara2 kurang sare, can bisa ngawujudkeun nu di pikahayang ku urang, tanyakeun ka diri sorangan, perngorbanan kumaha deui nu kudu di lakukeun ku urang?,..tong salempang loba cara jeung bentukna, tinggal pinter2na urang ngagali potensi diri...

Intina, sagala rupa bentuk pengorbanan nu dilakukeun kurang, kudu didasari  Ridho jeung Ikhlas,...hasilnamah pasrahkeun kanu maha kawasa,...urang kudu tetep narima kana sagala papasten anu geus di takdirkeun ka diri urang, ulah poho di barengan ku do'a

Baraya,..etamah pendapat ceuk Iyeng Permana, pami seueur lepatna harap maklum,..Iyengmah bujeng2 di sajajarkeun sareng jalmi pinter, teu ka asup kana golongan bodo2 acan...

Wassalam

Bandung,30 Aril 2011

Renungan

Hidup Manusia seperti sebuah buku, sampul depan adalah tanggal lahir, sampul belakang adalah tanggal pulang.
Tiap lembarannya adalah hari hari dalam hidup kita, ada buku yang tebal ada pula buku yang tipis, hebatnya, seburuk apapun halaman sebelumnya, selalu tersedia halaman berikutnya yang bersih, baru dan tidak cacat.

Sama dengan hidup, seburuk apapun hari kemarin, Allah selalu menyediakan hari yang baru untuk kita, selalu tersedia kesempatan yang baru untuk bisa melakukan sesuatu yang benar setiap harinya, memperbaiki kesalahan, melanjutkan alur cerita yang sudah di tetapkan oleh-Nya.

Mari kita susun langkah baru, untuk mengisi lembaran berikutnya dalam kehidupan kita, dengan sesuatu yang baik dan benar,...semoga kita semua diberikan amal yang baik Ilmu yang bermanfaat, serta umur yang baroqah,...Amiiin

Linglung

Geus lebah mana lengkah anjeun ayeuna
Geuning angin jongjon bae
Teu malire ieu hate
Nu lawas dibakutet rante simpe

Di mumunggang mana anjeun nunda kakangen
Sampeureun hate nu pinuh ku angen-angen
Lawas temen waktu maluguran
Dina regang-regang rasa nu ngarangrangan
Tanpa katresna

Angin Panjalu

Nu datangna lalaunan
mapay sisit cai situ Panjalu
ngoyagkeun pucuk pucuk tatangkalan
lir ngagupay kanu anyar datang..

Hiliwirna nu matak tingtrim
ngibunan kalbu
nenangkeun rasa nu pagalewota
nyinglarkeun lalangse hate

Angin...
dina wanci keur manceran
anjeun ngajajapkeun lengkah kuring duaan
ninggalkeun tapak lalampahan
nu bakal jadi ingetan....


Maleber,    April 2011

Sapatu

Ngapel ceuk bahasa kiwarimah, di lembur kuringmah geus lumrah di sebutna teh "nganjang",..nyaeta ngadatangan imah awewe anu di aku kabogoh tea. Ngarumasakeun borangan kuringmah nganjang teh tara ti peuting, ngahaja we sok pasosore, aya dua kauntungan nganjang pasosore teh nu kahiji teu kungsi ngaluarkeun biasa extra keur muruhan nu nganteur, nu kadua: ku sabab indung bapana can marulang ti sawah atawa ti kebon jadi bisa leuwih laluasa ngobrolna, heureuyna jeung nu SEJENA,...moal di beja2 nu sejenamah bisi comel xixixi....

Nya harita oge asa can lila diuk di ruang tamu teh, nginum oge karek gelas ka tilu, wajit sapiring, ranginang we satengah keler katambahan ku ngobrol ngaler ngidul nepi ka kulon malahanmah,..ke heula, lain can lila atuh ari kitumah nya xixixi, ngarana oge anu keur lope2an waktu teh sok tara karasa nyerelekna heuheuy deuh,..keur kitu kapireungeu aya tukang dagang ngagorowok:
"Angurna anguuuuur aramis yeuuuh" tukang dagang gogorowokan di lentongkeun.
"mang icalan anggur..??" ceuk kuring tina lawang panto
"sanes a, ieu mah onderdil motor" cek tukang dagang ngaheureuykeun. bari terus nyampeurkeun
teu keuheul ieuh ku tukang dagang di kitukeun teh terus we nanya deui:
"Sabara sakilona mang?.." kuring nanya
"Sapuluh a" cek manehna bari ngecagkeun tanggungan
"Sapuluh rebu" cek kuring rada kaget
"muhun sapuluh rebu, da ari ngical sapuluh juta mah bilih emang tereh teuing ka mekah"..cek tukang anggur ngabodor didituanamah. kuring ngan bati mentegeg dikitukeun teh.
Keur kitu torojol sakadang bebende kaluar ti dapur nyampeurkeun kuring nu keur padu rega jeung tukang anggur bari terus miluan tatanya:
"sabarahaan mang ? " pok na bari terus nagong hareupeun tangguangan
"Lima belas rebu teh" tukang anggur nembalan.."bangkawarah sugan mah siah" kuring ngagerentes na jero hate, ari bieu ka kuring nawarkeun sapuluh, naha ayeuna jadi limalas rebu, tp teu loba omong repeh we nungguan getakna.
"opat rebu we mang" ceuk wewe kuring teu kireum2, bari am ngahuapkeun anggur dua siki, ngasaan majarkeun teh terus cacamuilan.
Lebok siah, nawarkeun limalas rebu ditawar opat rebu gerentes hate kuring mupuas ka tukang anggur.
"teu acan dugi kana jinisna teh, kumaha pami sapuluh. etang2 muruhan nanggung ka mamang,. ti dituna oge tos dalapan rebu teu bohong emangmah" tukang anggur pasang beungeut pikarunyaeun.

Gancangna carita, kusabab kabogoh kuring keukeuh kana harga tawaran nana bari ngasaan teu eureun2 antukna tukang anggur eleh de'et:
"sok we atuh candak" ceuk tukang anggur, bari terus nimbang sakilo
song kuring ngasongkeun duit lima lembar sarebuan, maksudnamah karunya ari opat rebu teuing mah didituan namah rada royal, maklum hareupeun kabogoh.
"wios a, opat rebu we da tos jangji mamangna masihan pangaos sakitu" ceuk manehna bari mulangkeun deui duit salambar sarebu perak. "aya ku soleh tukang dagang teh" pikir kuring
Kuring arasup deui ka imahkeun bari teu malire tukang dagang nu keur meresan dagangan nana.

Teu kungsi lila ti harita kuring pamit rek mulang, salian waktu geus burit jaba indung bapana kabogoh kuring oge geus daratang ti sawah, geus sasalaman mah terus we kaluar maksud rek di sapatu.
"ari sapatu kamana" ceuk kuring bari kokotetengan neangan hareupeun imah
"tadimah aya basa nawar anggur tea, malahan katincakan sagala ku tukang anggur" jawab bebende, bari mantuan neangan.
Teg we hate teh langsung su'udzon ka tukang anggur, ku sabab euweuh deui jalma nu ngaringkang kalebah dinya dina waktu ngan ukur sababaraha menit...ehm hampura mang lain tega kuring oge nawar anggur opat rebu perak teh, tapi naha atuh di hilian ku sapatu kuring, ngumpulkeun duit jang meuli sapatu teh nepika kesang ka bo'ol2 kacida teuing,....cenah lamun lain ku mamang hampura kuring su'udzon ka mamang. piraku nyangka ka Polisi mah, kuriak di tembak atuh.

***MATAK ARI NAWAR TEH ULAH SOK PENGKUH2 TEUING, BISI AYA WAWALESNA::::::

Mamanawian leres

Kupu-kupu tidak tahu warna sayap mereka
Tapi orang orang tahu betapa indahnya mereka

Seperti juga dirimu..
tidak tahu betapa indahnya dirimu
tapi Alloh tahu betapa istimewanya dirimu di mata-Nya
Ketika engkau tunduk dalam syari'at-Nya
Ridho atas takdir-Nya
Tersenyum dan tegar dalam ujian-Nya

Dolana

Ieu kajadian teh kaalaman pisan ku kuring, mun teu salah mah kira2 tahun 1987, waktu kuring kakara pindah ka Bandung. duka lucu duka pikaeraeun, cobaan we urang pedar, kieu caritanateh:

Samemeh pindah ka Bandung kuring teh sakola di SMP N Cigugur meunang sataun keur kelas hiji wungkul, ari Cigugur teh, lamun ti sasak Ciwayang mah ( tragedi pembantaian tukang teluh tea, pasti pada arapal ) kakulonkeun terus ngaliwatan sabaraha kampung diantarana Neglasari  - Cimindi - Ciwangkal - Kadu Riung bras ka Cigugur. Alesan pindah ka Bandung teh pedah sakadang bapa tugasna di Bandung, jadi kuring di gembol di ajak ka bandung di asupkeun ka SMPN 22.
Singketna carita, sanggeus ngurus sagala rupa kaperluan surat pindah, administrasi jeung sajabana waktuna kuring asup ka kelas. Ilaharna murid anyar, samemeh diuk dina bangku teh titah nangtung heula di hareupeun kelas, maksudnamah titah ngenalkeun diri ti mimiti saha ngaran, asli mana, hobi naon jeung nu sejen2na.
Ku sabab kawani jeung kaera teh gede keneh kaera, atuh boro2 bisa ngomong ngan ukur uluk salam terus ngabetem, awak karasa ting sariak, kesang tiis ngucur, ngadadak beuteung murilit, tikoro karasa nyelek, rek ngomong ngan teu kedal,...hiuuung we kuring teh ceurik, berebet lumpat ka luar, maksud rek langsung ka WC, tapi kusabab can apal tempatna, memeh nepi kanu di tuju kaburu "Preeet" karasa aya nu baseuh dina calana lebah tukang. atuh kapaksa memeh asup deui ka kelas teh ngupyak heula calana,..heuy deuh mun inget....

Cag heula ah..

Nyobian

Nembe nyobian keneh