Nu datangna lalaunan
mapay sisit cai situ Panjalu
ngoyagkeun pucuk pucuk tatangkalan
lir ngagupay kanu anyar datang..
Hiliwirna nu matak tingtrim
ngibunan kalbu
nenangkeun rasa nu pagalewota
nyinglarkeun lalangse hate
Angin...
dina wanci keur manceran
anjeun ngajajapkeun lengkah kuring duaan
ninggalkeun tapak lalampahan
nu bakal jadi ingetan....
Maleber, April 2011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar