Selasa, 07 Juni 2011

Saung Sawah

"Sok-sok atuh rek mantuanmah, ulah diuk wae" ceuk mang Oha bari noel kuring
"Pareuman ududna heula" mama Kasim mairan. bari jung manehna nangtung nyampeurkeun ki Haer nu keur kesemelan nalian tihang saung.
Kuring teu obah, diuk dina catang kalapa tonggoheun saung bari nyanghareupan supan taleus bawa bi Cicih pamajikan mang Oha. nyot kana roko hanca, serebung haseupna dikaluarkeun lalaunan, regot kana cikopi cawerang, heu'euh cawerang pisan cikopi teh, maklum atuh kadar oge cikopi buatan nini nini, padu kiruh we..jiganamah takeran nana oge kopina sasendok caina sateko, duka di gulaan duka hanteu...tapi da euweuh deui gilireun kapaksa we di uyup bari sebel-sebel oge. Panon mah tetep anteng neuteup ka palebah saung,  leng ingetanmah mundur ka sababaraha taun ka tukang, geuning meni asa atra narembongan deui, rupa2 pangalaman di eta saung teh, teu sangka kiwari arek di ruag, bari moal di wangun deui. duka naon alesan nu bogana teh.

"Paranti nyingkur ari dicarekan ku pamajikan" mang oha ngomong basa rek nyieun eta saung teh, tempatna wuwuh pikabetaheun, sisi lamping nampeu ka sawah, nyanghareup  ka wetan. bubuhan rapeka bi cicihmah hareupeun saung teh di pelakan kayaning cabe, tomat, leunca jeung terong...komo mun kuer usum gede pare mah, upluk aplak hejo lemok matak wa'as, matak jarauh panineungan, matak poho kana hutang, komo mun teu ditagihmah...hehe
Lain mang Oha wungkul nu ngamangfaatkeun eta saung teh, boh nu baroga sawah palebah dinya boh anu kapinareng liwat wungkul sok ngahaja areureun di eta saung. malah ki Haer mah ngahaja tali bebegigna oge di kaitkeun ka eta saung, tamba kesel nungguan pibuateun sok bari ngarautan awi jang nyieun aseupan manehnamah.....Amil Ade oge kungsi katohian ku pamajikan nana basa keur ngaheroan randa ngora urang peuntas di eta saung, malah nepi ka arek diduruk sagala eta saung teh, ngan di pegatan ku ki Haer.
Kuring sorangan lain ngan ukur sakali dua kali nincak ka eta saung teh, ti jaman bolon basa usum ngurek belut sok mindeng cicing di eta saung, nepika masa rumaja sok ngahaja datang jeung babaturan bari mawa beas jeung kastrol terus ngaliwet , sok karasa pisan nikmatna.

Gudugraaaaaak.. aya sora ngagebah kuring nu keur ngalamun, simanahoreng saung teh runtuh
"Atuda manehmah cicing wae" ki Haer nyasalah kuring, bari ingkud da sukuna kababuk tihang.
"hampura ki " cek kuring api api ribut nulungan. nu di tulungan bangkenu
Saung rujad euweuh nu bisa kapuluk, kentengna ancur kabeh memeh di turunkeun kaburu runtuh, kaina barobo dihakan rinyuh. tapi caritana moal beak ku jaman, didieu di lemur ieu, disisi sawah kungsi ngajugur wawangunan mangrupa saung,...saung sawah nu nyaksian rupa rupa pangalaman.

Kanggo Mang Oha: Hapunten ti sim kuring
Jakarta, 07 Juni 2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar