Minggu, 22 Mei 2011

Jalan Panineungan

Ngan kadangu pak 'aduh' na basa ban motor meleset kulantaran neumrag batu nu rada gede. leungeuna muntang pageuh kana jeket nu kukuring di pake, kareret tina kaca spion paromana rada muringis semu nu sieun. tapi kuring teu wani komentar, panon tetep anteng merhatikeun jajalaneun nu rek kaliwatan,....Enya apan manehna nu ngajakan ngaliwat jalan ka lebah dinya teh, itung itung panineungan ceuk manehnamah, jalan anu kungsi kaliwatan ku manehna basa masih keneh babarengan jeung cintana anu kiwari geus ninggakeun.
Jalan aspal anu geus lila teu karawat, barolong diditu didieu, mun seug usum hujan mah moal teu loba cai ting keyembeng di jalan teh, jalana tarahal pisan teu bisa di pake rusuh matak wegah neruskeun lalampahan, cacak lamun kuring sorangan mah boa diteruskeun oge.

Tapi haritamah jalan teh asa ngabulungbung we, sanajan manggih tanjakan anu sakitu netekna oge, teu ieuh ngarasa gimbir boro boro aya rasa sieun, teuing lamun kabangbalerkeun kunu keur di bonceng, nu teu weleh nunjukeun imutna. imut anu matak niruk kana jajantung matak newek hulu angen. sakapeungmah sok ret ngareret kana rarayna, dititenan ti mimiti tarang, irung biwir, pipi jeung gadona, meni asa muji kanu ngadamel-Na, aya ku merenah nyurupkeuna, mun dina lukisan mah puguh komposisina, Mun dina elmu geometri, simetris pibasaeunana teh.
Anggang tina buuk nu dipasieup ku amis cau, nepi kana halis, estuning merenah katembongna teh. Tarang henteu lega, henteu heureut. Boa nu kitu nu disebut teja mentrangan teh. Ari nu ngaranna irung, teuing naon atuh pibasaeuanana. Disebut mancung teuing henteu, demes mah sumawonna. Meujeuhna lah, boh kamiringanana, boh ukuranana. 
Panonna nu kitu tea mah. Matak ngaranjug mun pareng ngelet (dikira-kira kitu oge, da nepi ka kiwari oge, manehna henteu kungsi kulat-kelet). Panon nu semu ceuleuyeu. Panon anu dipapaesan buluna nu carentik. Panon anu saban ngagiler, kawas nu nyorotkeun cahaya.
Ari warna kulitna teh. Koneng lain, bodas lain, jajauheun kana hideung mah. Katembongna semu leueur, matak tisoledat reungit. Mun dicabak, ku kira-kira, hipuna moal henteu kawas kapas, lemesna moal henteu kawas tipung nu panglembutna. Cacakan lamun kasorot hibarna layung moal boa baris hurung mancur lir emas sinangling. Kitu apan anu sok dipapantes dina dongeng oge.

Anteng merhatikeun kana rupa2 kaendahan nu aya di manehna, teu karasa geus jog deui ka jalan gede, kawas nu sadar tina lamunan, gas di betot motor ngadius kakulonkeun ninggalkeun jalan panineungan.....

cag,...urang teundeun di handeuleum sieum geusan sampeureun, tunda dihanjuang siang geusan alaeun, mangsa datang urang teang,...

(hampura poho ngaran lemburna)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar