Sabtu, 14 Mei 2011

Dolana

Ieu kajadian teh kaalaman pisan ku kuring, mun teu salah mah kira2 tahun 1987, waktu kuring kakara pindah ka Bandung. duka lucu duka pikaeraeun, cobaan we urang pedar, kieu caritanateh:

Samemeh pindah ka Bandung kuring teh sakola di SMP N Cigugur meunang sataun keur kelas hiji wungkul, ari Cigugur teh, lamun ti sasak Ciwayang mah ( tragedi pembantaian tukang teluh tea, pasti pada arapal ) kakulonkeun terus ngaliwatan sabaraha kampung diantarana Neglasari  - Cimindi - Ciwangkal - Kadu Riung bras ka Cigugur. Alesan pindah ka Bandung teh pedah sakadang bapa tugasna di Bandung, jadi kuring di gembol di ajak ka bandung di asupkeun ka SMPN 22.
Singketna carita, sanggeus ngurus sagala rupa kaperluan surat pindah, administrasi jeung sajabana waktuna kuring asup ka kelas. Ilaharna murid anyar, samemeh diuk dina bangku teh titah nangtung heula di hareupeun kelas, maksudnamah titah ngenalkeun diri ti mimiti saha ngaran, asli mana, hobi naon jeung nu sejen2na.
Ku sabab kawani jeung kaera teh gede keneh kaera, atuh boro2 bisa ngomong ngan ukur uluk salam terus ngabetem, awak karasa ting sariak, kesang tiis ngucur, ngadadak beuteung murilit, tikoro karasa nyelek, rek ngomong ngan teu kedal,...hiuuung we kuring teh ceurik, berebet lumpat ka luar, maksud rek langsung ka WC, tapi kusabab can apal tempatna, memeh nepi kanu di tuju kaburu "Preeet" karasa aya nu baseuh dina calana lebah tukang. atuh kapaksa memeh asup deui ka kelas teh ngupyak heula calana,..heuy deuh mun inget....

Cag heula ah..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar