Kumaha wae bentukna, sakumaha wae jumlahna, iraha wae waktuna....? asal sifatna keur ngabelaan anu di pikahayang atawa dipikayaah ku urang, geus lumrah biasana di sebut 'pengorbanan'....
Tapi Urang kudu salawasna eling, sagala rupa pengorbanan anu di lakukeun ku urang, teu aya nu bisa mastikeun yen eta teh bisa ngawujudkeun sagala anu di pikahayang, atawa mempertahankeun sagala nu di pikayaah ku urang, sabab pasti mah ngan milik gusti,....
Naha atuh urang perlu berkorban?
Pengorbanan teh bisa disebut ajen diri, sing saha jalma anu daek berkorban, berarti eta jalma geus ngahargaan kana dirina sorangan, nyirikeun yen eta jalma teh teu pasrah kana nasib, sabab teu aya nu bisa ngarubah nasib seseorang iwal ti dirina pribadi...(saur jalmi pinter eta oge, sanes saur Iyeng)..
lamun ringsek awak gara gara kacapean atawa beler panon gara2 kurang sare, can bisa ngawujudkeun nu di pikahayang ku urang, tanyakeun ka diri sorangan, perngorbanan kumaha deui nu kudu di lakukeun ku urang?,..tong salempang loba cara jeung bentukna, tinggal pinter2na urang ngagali potensi diri...
Intina, sagala rupa bentuk pengorbanan nu dilakukeun kurang, kudu didasari Ridho jeung Ikhlas,...hasilnamah pasrahkeun kanu maha kawasa,...urang kudu tetep narima kana sagala papasten anu geus di takdirkeun ka diri urang, ulah poho di barengan ku do'a
Baraya,..etamah pendapat ceuk Iyeng Permana, pami seueur lepatna harap maklum,..Iyengmah bujeng2 di sajajarkeun sareng jalmi pinter, teu ka asup kana golongan bodo2 acan...
Wassalam
Bandung,30 Aril 2011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar