Sabtu, 14 Mei 2011

Mudik

Keur kuring ieumah,...asa teu aya bedana cicing di lembur batur jeung cicing di kampung sorangan, malah di pikir pikirmah asa mendingan cicing di kampung sorangan,...tapi dalah di kumaha hirup teh apan lain mikiran PANGABETAH wungkul, tapi dibauran ku PANGABUTUH.,...

Contona tina dahareun,.dirasa rasa mah sanajan enya oge hirup di kota, pangabeuki teu namabahan ieuh,.masih keneh we sarua ti bubudak oge kadaharan teh kana sangu,..ari deungeuna tara jauh ti Tahu jeung Tempe, paling rongkah oge di tambahan ku pais tahu, (ngahelas bari sedih)..

Dina Pakean teu aya robahna,..calana pondok di kombinasi ku kaos oblong,..di papantes ku sarung di solendangkeun dina beuheung, bari jeung sarung na teh geus rada bau, da bubuhan jarang papanggih jeung cai,..paling ari geus rada arateul di bingbingkeun dina popoean supaya rada haneut deui,..

Ngan aya saeutik bedana, ari nu ngarana ngumbara ka kota mah, sok aya rasa banggana, malah sok rada dicampuran ku balaga,...dina obrolan sok di aneh2 ambeh beda jeung urang kampung, dahareun sok rada di pilihan bisi sarua jeung tukang lahang, pakean ngahaja milih nu nyentrik, padahalmah boro2 ceuk batur najan ceuk sorangan oge teu pantes ieuh kadeuleuna, tapi maksakeun we di pake bubuhan hayang katinggali gaul..(heuheuy deudeuh)...malahan keur basa kakara usum Hape mah,...ngahaja meuli hape teh anu rada mahal, paduli teuing teu becus makena nu pentingmah hape mahal...soal pulsa ulah di tanya, boro boro keur meuli pulsa , sidik duit THR teh ngan cukup keur ongkos mudik sabalikeun...lamun seug aya nu nginjeum hape teh, alesan jeung alesan we jurus nu di kaluarkeun teh,....mun henteu batrena beak, sinyalna lemah,..jeung loba2 deui alesan sejena...

Kolotmah ngan ukur atoheun wungkul, boga anak di kota teh,...bari jeung teu nyahoeun kumaha kayaan sabenerna,..ngan ukur jadi kabanggan mun seug di tanya ku tatanggana teh, pajarkeun teh budak kuring mah di kota sibuk, balikna oge ngan sataun sakali,..matak ari balik ka lembur teh sok loba kayangna, contona hayang dawegan oge kudu pangnaekeun, da teu beluleun, hayang lauk kudu pang nguseupkeun da teu beluleun, nyeseuh kudu di pangnyeuseuhkeun da ogoan tea, dahar kudu aya wae deungeuna da bubuhan tuman tea cenah, bari kudu jeung daging hayam wae, da kangkung jeung daun sampeumah teu beukeukieun,...atuh hayam sakandang teh beak kabeh di pake maraban budakna anu balik ti kota tea,....nepikakeun ongkos jang balik oge kudu dipang neangankeun ku kolotna, alesan nana manehna kagok keur tanggung bulan....(kacida teuing)

Kahadenya ulah di turutan lampah kuring teh, awon pisan kalakukan kawas kitu teh,....naha ku kuring di caritakeun atuh,...ah ieu mah keur pi eunteungeun we...itung2 ngabuburit nya baraya

Wassallam

September 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar