Kaulinan atawa coco'oan barudak ayeuna beda pisan jeung jaman bahola, jaman ayeunamah barudak kakara bisa nginum oge tara jauh tina hape atawa kaco'oan modern sejena. beda jeung budak jaman baheula hayang kaco'oan teh kudu ngandelkeun pangabisa kolotna, nya wayahna lamun indung / bapana teu bisaeun nyieun coco'oan teh anakna ngan ukur bisa olohok, kusabab euweuh beulieun.
Contona KATEPEL, sok sanajan rupana basajan tapi rada susah nyieuna pikeun budak mah, Cagakna tina tangkal kopo, ngalana kudu ditaekan heula trus direka2 sina rada pantes, karetna tina ban jero motor, jaman harita mah masih keneh langka teu jiga kiwari, lamun kabeneran euweuh pulungeun atawa pentaeun kapaksa kudu meuli heula ka pasar, tempat pelorna tina kulit sapatu ABRI anu teu saban jalma boga. kasimpulan nana katepel teh barang basajan tapi hese nyieuna kusabab langka bahana. ari pelorna rupa2, kadang ku batu koral, siki salak, pentil jambu atawa aya oge nu praktis bari loba barangna nyaeta buah TAKOKAK.
Bilih aya nu teu terang, ari takokak teh buah laleutik nu bentukna siga leunca bahasa latinamah (Salanum ferrogium Jacq) tiasa oge diangge obat herbal diantawisna kangge mengobati (Pinggang kaku, Bengkak terpukul, sakit lambung, Tidak datang bulan oge Jantung berdebar.)
Mun inget kana takokak, kuring sok nyenghel seuri kagugu, inget kana kajaidan jaman keur es de. haritateh kapinareng pelajaran kosong, puguh we barungah ngarasa bebas, barudak lalaki mah aya ucing2an, barudak awewena aya nu bekles, aya oge nu silih siaran (nyiaran kutu), aya oge nu silih katepel ku buah takokak salah sahijina kuring............ bakatning aranteng, teu apal aya guru ngelol tina lawang panto, ari peletak teh si takokak nyorang pisan kana mastakana pa guru. puguh we pa guru teh bendu pisan, kuring tiluan jeung babaturan dipanggil trus di purilitkeun ceuli bari katepel jeung pelorna, nya takokak tea di rampas,..... ngan takokak namah di bagikeun deui ka kuring tiluan, kabagean sacanggeum sewang...ari sugan teh titah di piceun, singhoreng eta takokak teh titah di purak ku kuring tiluan sing nepi ka beakna,.. puguh we atuh kuring arongkek, ngarana oge takokak atah nya pait nya peuheur rasana teh, ehm teungteuingeun pa guru,....nya ari kitunamah salah kuring meureunan.
Mun apal rek di hukum titah ngadahar pelor katepel mah, meureun moal kakatepelan ku takokak ieuh, rek ngahaja we pelor katepel teh ku bolu kukus, gehu pedas, atawa kupat tahu singaparna,..ngeunah meureunan moal jiga takokak... huh lah,..
heheheh ( nyenghel heula ah sakedik )
Tidak ada komentar:
Posting Komentar