Najan lembur manehna aya di pasisian kota, tapi ari ku kacinta mah mo burung jauh di jugjug anggang di teang. ka Neng Atik kembang Cisereh panutan hate nu sok kapiraray siang wengi, kaimpi impi unggal wanci janari (halaaah lebay).
Indit ti imah teh rada poek keneh, teu kaburu sasarap, ukur sempet nginum cirut (Cikopi Urut) nu kari dedekna sesa begadang tadi peuting, teu poho nyolendang kantong lepet, lepet soteh euweuh eusina, ukur kaos hiji jeung kolor hiji "keur salin" angkeuhanteh.
Dina beus sabangku jeung ibu ibu tengah tuwuh, pangawakan nana rada lintuh, angkaribung ku babawaan, tas gede, tas leutik, kardus, jeung kantong keresek, duka nanahaon eusina, nepikakeun bangku jang diuk kuring mah ngan ukur kabagean sabeulaheun bujur balas heurin ku babawaan, tapi teu hayang protes, sanggeus babayar ongkos mah lep we kuring teh sare tibra pisan.
"cisereh abis, cisereh abis" kenek ngagorowok, gurinjal kuring hudang. jrut turun, beus ngadius deui muru ka terminal. anu jarakna ngan ukur sabaraha ratus meter deui.
Turun tina beus teh can pati sadar, maklum lulungu keneh. tapi ojeg pahibut parebut penumpang, aya nu ngaharewos, aya nu ngenyang leungeun, malah aya nu ngarebut babawaan kuring di taekeun kana motorna. atuh teu bisa kumaha. clak we kuring naek, motor ngageuleuyeung lalaunan muru tempat tujuan.
Ngeureunkeun ojeg teh pas pisan hareupeun imahna Ajengan Mahmud, ari ajengan Mahmud teh ramana neng Atik bebende kuring tea. imahna teu pati gede pagigir gigir jeung Masjid jame ngan ukur kahalangan balong, raresik matak pikabetaheun.
"ieu kardusna a" ceuk tukang ojeg. bari mikeun duit pamulangan. gebeg teh kuring reuwas, naha da kuring mah teu mekel kardus?...ari kantong lepet kuring kamana?...ari ieu kardus saha?...naon eusina ieu kardus?...rupa-rupa pertanyaan na hate kuring. acan oge cageur tina kareuwas kaburu torojol neng Atik jeung Ajengan Mahmud mapagkeun bari darehdeh naker.
"mani cacandakan sagala rupi atuh" pamajikan Ajengan Mahmud miheulaan nyarita. kuring ukur seuri koneng bari terus ngasongkeun kardus tilu susun nu di talian ku rapia.
"kalebet atuh cep dadang" Ajengan Mahmud ngawaro. bari terus asup ka imah di tuturkeun ku kuring nu terus diuk na korsi tamu
"Nyai suguhan cai yeuh si aa " Pamajikan Ajengan Mahmud ngagorowok ka anakna.
"wios teu kedah ngarepotkeun,... kaleresan kaleresan nuju saom" kuring ngomong padu engab.
"ayeuna teh dinten Kemis nya...duh meni rajin cep Dadang mah" Ajengan Mahmud muji. atoh we kuring di puji ku pimitohaeun teh.
"punten, bade netepan lohor heula" ceuk kuring, ngahaja ngarah beuki kapake
"mangga, ke ibu nyandak heula sarung sareng kopeahna" ceuk indungna neng Atik, nembongkeun pasemon anu berag marahmay, atoheun meureun boga piminantueun jalma soleh...(hehehe kela nya,..hayang seuri heula saotik)
Kurang leuwih satengah jam kuring kakara kaluar ti Masjid Jame, kopeah jeung sarung di pake keneh malah leungeun oge make jeung nyekelan tasbeh sagala rupa. barng asup deui ka imah, kasampak Ajengan Mahmud sakeluarga keur dalahar mani semu narikmat naker.
"Punten cep dadang, sanes ngabibitaan nu saom" indungna neng Ati sasadu
"teu sawios bu" ceuk kuring bari neleg ciduh
Sangu haneut, beuleum lauk, coel terong jeung sambel buatan neng Ati, ngan ukur tinggal waasna. hanjakal pisan geus kagok ngaku puasa. antuknamah ngan ukur bisa diuk dina korsi bari ngararasakeun beuteung nu beuki kekerebekan,.. wayah asyar titinggalian asa karoneng byuk kesang ti'is, leng puyeng bumi alam asa muter lengerek kapiuhan teu inget di bumi alam......
cag.
halo halo. FBnya kok ilang.....
BalasHapusaseupan kebluk
BalasHapus